PIWURUK TI SEPUH

SINOM
1. Sumanget ka-Sumedang-an,
tara ngukut kanti risi,
tara reuwasan ku beja,
sikepna titih caringcing,
jauh tina hiri dengki,
nyekel tetekon nu luhung,
gagah bedas tanpa lawan,
handap asor hade budi,
kasabaran nyata elmu katunggalan.

ASMARANDANA
2. Ciciren satria leuwih,
pageuh nyekelan jangjina,
tara ngawangkong ngabohong,
sumawonna pala cidra,
estu bener ucapna,
kasanggupna anu metu,
dibelaan pegat nyawa.

3. Ciciren satria leuwih,
boga bakat tumarima,
katambah leber wawanen,
dina ngabelaanana,
ka sasama ka dunungan,
ka sakur nu enggeus nulung,
ku sagala kahadean.

4. Ciciren satria leuwih,
boga bakat karunyaan,
estu resep mere maweh,
nulungan kanu sangsara,
melaan nu tanpa dosa,
hirupna pikeun tutulung,
resep kana kaadilan.

5. Tara bedegong cirigih,
teu adigung adiguna,
estu pahing nyebut dewek,
lemes budi basana,
matak sugemaeun semah,
babaturan pada lucu,
resep ku prakprakanana.

6. Tah kitu bakat sajati,
jauh tina pangarahan,
beunang disebut bolostrong,
teu aya pikir rangkepna,
ucap hate estu brukbrak,
teu nyieun budi salingkuh,
teu hayang senang sorangan.

7. Tah kitu piwuruk aki,
patokan ka-Sumedang-an,
babakuna handap asor,
mitutur kasatrian,
make duduga peryoga,
nyingkahan ujub takabur,
teu agul ku kagagahan.

8. Mungguh kamulyan sajati,
lir ibarat wawangunan,
nu weweg alus tur gede,
hese piruntuheunana,
sababna ditihangan,
ku tabe'at anu luhung,
dihateupan kautaman.

9. Dibilikan ku pamilih,
dikuta ku kasetyan,
dipademen ku wawanen,
dipaku ku kapengkuhan,
dihias kapinteran,
diparabotan ku elmu,
diukir ku karajinan.

10. Jalma oge kitu deui,
lamun martabatna mulya,
homo towong dipiomong,
moal pegat dipicinta,
sababna kamulyaan,
henteu kawengku ku waktu,
langgeng kawangikeunana.

PANUTUP
Luhur pangkat kudu karasa rumawatna ku ra'yat,
Gede kawasa kudu karasa rumaksana ku balarea,
Sugih mukti, rea duit, rea banda, kudu karasa sosialna ku nu teu baroga.

TAPI ULAH
luhur pangkat dipake basilat,
gede kawasa dipake terkosa,
sugih beunghar dipake teu wajar.

Bandung, 25 Januari 1968
Pertawisna,
R.A.A. Soeria Danoeningrat
Bupati Sukabumi alm.

disalin deui di Bandung, 14 Mei 1998
Rd. Sri Mulyati Rahman

Tidak ada komentar: